Mah, ade cape nangis bae didieu mah. Hoyong uih bae, hoyong di bumi bae. Cape Mah. Asa teu dihargaan didieu mah. Teu aya batur. Nu aya ade disalahkeun bae Mah. Nyeri hate...
Naon-naon, ade nu disalahkeun. Ade kieu salah, ade kitu salah. Teuing hoyongna kumaha. Ade hoyong uih bae. Ayeuna ade siga baheula deui Mah, sering nangis. Padahal mimiti na mah henteu Mah. Tapi kadieu-dieu asa loba masalah. Ade lieur kudu kumaha. Deui deui salah.
Baheula ge Mamah terang da ade sok nangis kieu mun dikamer. Tapi baheula mah aya Mamah, Bapa, Adi jeung Teteh, jadi teu sakumaha mah nyerinya. Ayeuna ade didieu sorangan bae, nangis sorangan, teu aya nu peduli ka ade. Ade ngan hoyong diperhatikeun Mah, eta bae. Tapi teu aya nu merhatikeun ade siga Mamah, siga Bapa siga Adi jeung Teteh jeung Aa. Teu aya nu tiasa ngajak seuri siga Dzaki sareng Azriel sareng keluarga ade nu sanes.
Ade hoyong uih Mah. Nyeri hate didieu bae mah...
Cape nangis bae...
0 komentar:
Posting Komentar